Laman

Rabu, 25 Februari 2009

Seratan Pa Aki H. E. Suganda

Seratan: H. Endang Suganda (alm)

Bismillahirrahmaanirrahim,

Saemut sim kuring dirorok ku pun nini sareng pun aki ti pun biang jenenganana Nini Ma’ah sareng Aki Madrasik di Kampung Ciapus Desa Ciapus Kecamatan Banjaran Kabupaten Bandung.
Pun bapa jenengannana Mama Ehen, pun biang Ibu Iyoh (sim kuring sadulur-dulur nyebat ka pun bapa “Mama”, ari ka pun biang “Ibu”). Kaetang langka nu nyebat kitu ka indung ka bapa jaman harita di kampung mah, seuseueurna mah ka indung nyebat ema, ka bapa nyebat teh Abah. Sakitu teh parantos kaitung sopan margi seuseueurna mah nyebat teh “iyeung” bae, malah teu kirang nu nyebat ngaran oge ka indung atawa ka bapa teh.

Rorompok pun aki sisi jalan desa mayun ngaler, rorompok panggung julang ngapak, tihangna kai nyakitu deui pamikul, pangeret jeung adeg-adeg malah lincar jeung cemped oge tina kai. Lolobana nu dipake rahab teh surian, mindi atawa huru. Ari panto biasana tina waru, tisuk atawa nangka. Ari kaso-kaso, dolos, ereng, deudeul jeung sajabana tina awi, awi temen atawa awi tali. Mun bilik biasana tina awi gede, sok disebut oge awi gombong. Ari hateupna mah parantos ku kenteng harita oge, anu kasohor teh buatan Bugel atanapi Parung Halang. Pantona mung dua, panto payun nu bras ka tepas, hiji deui panto pawon. Harita mah rorompok rahayat umumna ukuran 5 x 7 meter teh parantos kasebat ageung seuseueurna mah ukuran 4 x 6 meter, pantona hiji weh di hareup, jandelana hiji ti pongpok, malihan seuseueurna mah tara dijandelaan, supados caang di lebet mah nidak we. Tara di cet tara di pulas, paling oge dilabur ku taneuh teula. Kang Eye urang Baros tukang ngalabur teh.

Rorompok pun bapa mah parantos kaetang modern dina waktos harita mah. Ukuranana kirang langkung 9 x 9 meter rorompokna wungkul, pawonna misah, ukuranana kirang langkung 4 x 9 meter. Ti rorompok ka pawon teh dihubungkeun ku gang anu panjangna 3 meter sareng lebarna 2,5 meter. Model rorompokna, suhunan panjang nanging nganggo songko segog ka payun, lebah kamar payun anu ngarendeng sareng tepas rahabna ampir sadayana tina kai, seuseueurna kai leuweung. Kusen panto sareng jandela tina saninten sareng manglid, malihan lincar sareng cemped oge bahanna nu sarae. Nyakitu deui adeg-adeg sareng sapuratina seuseueurna tina mala dicampur ku kai lembur. Mung kaso-kao, dolos sareng ereng anu ku awi teh. Bilikna rangkep boh ti luar boh ti lebet kulit wungkul kaasup lalangit. Tepas mah henteu dilalangitan, margi hateupna ku seng apolo numpang kana kaso-kaso kai, ti payunna ditutup ku lisplang disarapatkeun. Panto payun sareng jandela-jandela sadayana buka dua sareng di dobel ti luar ku jalosi ti lebet ku eram kaca. Tepasna mah henteu nganggo panto ka luar nanging nganggo tabeng, motifna kembang tarate, rupina kumargi motif tarate numawi katelahna “Saroja”. Dilowongkeun weh sapantoeun paragi ka luar atanapi ka lebet. Parantos dicet deuih rorompok teh harita oge. Tihang nu katinggal, lincar, cemped, lisplang di cet hejo kolot, ari panto-panto sareng jandela-jandela dicet bodas, malihan bilik oge luar lebet dicet bodas. Kaca jandela-jandela sareng panto digambaran kucet bodas motifna tangkal sareng manuk.