Laman

Rabu, 25 Februari 2009

Seratan Pa Aki H. E. Suganda

Seratan: H. Endang Suganda (alm)

Bismillahirrahmaanirrahim,

Saemut sim kuring dirorok ku pun nini sareng pun aki ti pun biang jenenganana Nini Ma’ah sareng Aki Madrasik di Kampung Ciapus Desa Ciapus Kecamatan Banjaran Kabupaten Bandung.
Pun bapa jenengannana Mama Ehen, pun biang Ibu Iyoh (sim kuring sadulur-dulur nyebat ka pun bapa “Mama”, ari ka pun biang “Ibu”). Kaetang langka nu nyebat kitu ka indung ka bapa jaman harita di kampung mah, seuseueurna mah ka indung nyebat ema, ka bapa nyebat teh Abah. Sakitu teh parantos kaitung sopan margi seuseueurna mah nyebat teh “iyeung” bae, malah teu kirang nu nyebat ngaran oge ka indung atawa ka bapa teh.

Rorompok pun aki sisi jalan desa mayun ngaler, rorompok panggung julang ngapak, tihangna kai nyakitu deui pamikul, pangeret jeung adeg-adeg malah lincar jeung cemped oge tina kai. Lolobana nu dipake rahab teh surian, mindi atawa huru. Ari panto biasana tina waru, tisuk atawa nangka. Ari kaso-kaso, dolos, ereng, deudeul jeung sajabana tina awi, awi temen atawa awi tali. Mun bilik biasana tina awi gede, sok disebut oge awi gombong. Ari hateupna mah parantos ku kenteng harita oge, anu kasohor teh buatan Bugel atanapi Parung Halang. Pantona mung dua, panto payun nu bras ka tepas, hiji deui panto pawon. Harita mah rorompok rahayat umumna ukuran 5 x 7 meter teh parantos kasebat ageung seuseueurna mah ukuran 4 x 6 meter, pantona hiji weh di hareup, jandelana hiji ti pongpok, malihan seuseueurna mah tara dijandelaan, supados caang di lebet mah nidak we. Tara di cet tara di pulas, paling oge dilabur ku taneuh teula. Kang Eye urang Baros tukang ngalabur teh.

Rorompok pun bapa mah parantos kaetang modern dina waktos harita mah. Ukuranana kirang langkung 9 x 9 meter rorompokna wungkul, pawonna misah, ukuranana kirang langkung 4 x 9 meter. Ti rorompok ka pawon teh dihubungkeun ku gang anu panjangna 3 meter sareng lebarna 2,5 meter. Model rorompokna, suhunan panjang nanging nganggo songko segog ka payun, lebah kamar payun anu ngarendeng sareng tepas rahabna ampir sadayana tina kai, seuseueurna kai leuweung. Kusen panto sareng jandela tina saninten sareng manglid, malihan lincar sareng cemped oge bahanna nu sarae. Nyakitu deui adeg-adeg sareng sapuratina seuseueurna tina mala dicampur ku kai lembur. Mung kaso-kao, dolos sareng ereng anu ku awi teh. Bilikna rangkep boh ti luar boh ti lebet kulit wungkul kaasup lalangit. Tepas mah henteu dilalangitan, margi hateupna ku seng apolo numpang kana kaso-kaso kai, ti payunna ditutup ku lisplang disarapatkeun. Panto payun sareng jandela-jandela sadayana buka dua sareng di dobel ti luar ku jalosi ti lebet ku eram kaca. Tepasna mah henteu nganggo panto ka luar nanging nganggo tabeng, motifna kembang tarate, rupina kumargi motif tarate numawi katelahna “Saroja”. Dilowongkeun weh sapantoeun paragi ka luar atanapi ka lebet. Parantos dicet deuih rorompok teh harita oge. Tihang nu katinggal, lincar, cemped, lisplang di cet hejo kolot, ari panto-panto sareng jandela-jandela dicet bodas, malihan bilik oge luar lebet dicet bodas. Kaca jandela-jandela sareng panto digambaran kucet bodas motifna tangkal sareng manuk.



Iraha eta teh ? kinten-kinten tujuh puluh taun kalangkung, tahun sarebu salapan ratus tilu puluhan .…... rumah tangga umumna jaman harita. Disebat lengkep teh diantawisna lampu oge rupi-rupi, tingawitan cempor, lampu tempel, lampu gembreng, istolop dugi ka gasolin aya. Ari dianggona mah gumantung kana kaperyogianana bae. Cempor paranti di pawon, lampu gembreng kanggo sawaktos-waktos teu acan marondok, istolop mah upami aya tamu dianggona. Upami gasolin dianggona upami aya hahajatan.

Anu kasebat mubeler oge parantos rupi-rupi di rorompok pun bapa teh. Lomari maenan kanggo nyimpen rupi-rupi piring, gelas, sangku, rantang tiiran, lodor, emuk, wadah lemareun tina nekel sareng sajabina. Ari bokor wadah lemareun, malih seeng gerengseng oge anu tara dianggo sadidinten, disimpenna diluhur lomari. Dina bilik anu dicet bodas tea, digantungkeun sababaraha pigura. Atuh dina tempat-tempat anu ditangtoskeun ditempelkeun kastop (kapstok) kanggo ngagantungkeun panganggo, topi atanapi teteken. Jam dinding oge parantos aya rurumahna kai diukir, bakna buleud, angkana angka Rum, rurumahna kai diukir, babandulna buleud, disadana tiktak, tiktak. Upami angkat-angkatan pun bapa sok nganggo arloji kantong dipesakan nganggo rante dikaluarkeun, tungtung rante nganggo gagantel emas. Ari lomari panganggo mah isimpena di kamar masing-masing bae.

Di tengah bumi dipasang meja korsina genep, nanging sanes siceu sapertos model ayeuna, ieu mah model meja makan bae nanging paranti nampi tamu sanes paranti tuang. Di luhureun meja ngagantung lampu istolop. Di tepas oge nyakitu nanging teu dilampuan sareng di juru aya meja marmer ari raragana mah tina kai diukir, daun mejana marmer bodas. Golodog imah teh ditembok, buruanana dipager, pager awi dipakuan sarta dicet. Moal ditetek kaayaan di pawon mah. Mung harita mah teu acan aya kompor, teu acan aya langseng, nyangu teh dina seeng. Prak-prakanana mimiti beas diisikan dina boboko isikan, digesah sababaraha kali tuluy di lembangkeun bari dipiceunan serahna, nepi ka caina herang. Dina hawu anu parantos dihurungkeun seuneuna disadiakeun seeng dieusi cai sacukupna ditutup ku aseupan. Tah beas nu tadi teh diasupkeun kana aseupan dituruban ku boboko isikan tea nepi ka timus. Saparantos timus lajeng dikarih dina dulang, nyaeta beas nuparantos timus tadi di tamplokeun kana dulang, ditinyuh ku cai asak tina seeng, digulah-galeh ku pangarih diratakeun, caina sina macak-macak, diantep heula nepi ka caina saat. Lajeng gigih teh diseupankeun deui, dituruban ku daun cau teras ku boboko nepika sangu teh ngebul. Kanggo nawiskeun parantos asak, biasana ngabantun saremeh atawa dua remeh lajeng dipencet ku jempol sareng tungtung curuk, upami hipu eta tawis parantos asak. Tos kitu mah di jait bae ditamplokeun kana dulang, diakeul ku pangarih bari dihihidan dugika seep haseupna. Parantos kitu mah diwadahan bae kana boboko sangu lajeng ditetelkeun ku galo atanapi daun cau kenging ngaleumpeuh dugi ka buleneng. Sangu kenging ngakeul kitu mah dituang sareng uyah lembut ge ni’mat. Ari rusuh mah sok aya nu ngaliwet dina pariuk atawa kastrol.

Rencang sangu harita mah nu diutamikeun teh sambel sareng lauk asin ditambah lalab-lalaban. Ari angeun bahana mah tara meser, sapertos roay, kacang panjang, waluh siem cekap ku ngala bae tina pepelakan sabudeureun rorompok atanapi ti kebon, malihan jengkol oge sok kenging ngala da gaduh tangkalna di Pasir Heulang. Jengkol ngora keur kumicis raos pisan dicoelkeun kana sambel tarasi, atanapi nu rada kolot keur lumiat raos diatah teh. Nu kolot mah sok disepi, jengkol sepi sok digoreng, diurab, atawa disemur.

Lauk asin mah biasana peda, boh peda beureum boh peda bodas, digoreng atawa dibeuleum diminyak kalapaan, dikucuran cai jeruk purut. Rajana lauk asin mah, jambal roti. Langka ari meser jambal roti mah, margi awis pangaosna. Pindang bandeng atanapi pindang tongkol kalebet rencang sangu anu langka ka peser, kaetang awis. Mung sakali-kalieun bae meser pindang mah, setelanana peuteuy gede kalebet katuangan mewah harita mah. Langkung ti eta rencang sangu teh lauk kalengan salem atanapi sardencis, langka pisan anu kabedag meser anu kitu mah.

Tuh! Kalalanjoan teuing ngobrolkeun urusan pawon teh, sakitu bae heula urusan eta mah.

Ari pun biang teh Ibu Iyoh kalebet tukang olah-olah. Ngadamel kaolahan sapertos wajit, angleng, gegeplak, tengteng, borondong, opak, rangginang, kolontong sareng gogodoh teh parantos tapis pisan. Eta kaolahan sadayana disebut jawadah. Gening aya wawangsalan/paribasa “Jawadah tutung biritna sacarana-sacarana”. Bahan baku jawadah pokona tina beas ketan ditambih gula boh beureum boh gula bodas ditambih ku kalapa sareng panyari sanesna. Ngadamel rupi-rupi dodol oge tapis pisan pun biang mah kayaning dodol kacang, dodol waluh gede, dodol ganas, dodol manalika sareng nu sanes-sanesna, malihan ngadamel noga oge boh noga kalapa boh noga suuk parantos biasa, malih aya pangleahanana oge dipang damelkeun ku pun bapa tina kai sae pisan. Olah-olah kitu teh sanes dina mayunan lebaran bae, sanaos sadidinten oge sok ngadamelan bae, kanggo nyuguhan tamu. Dina mayunan lebaran mah sok rajeun ngadamel kueh-kueh anu jolna ti Eropah sapertos bolu, kueh kering, ambekuk, atanapi panekuk. Dibakarna dina pang bakaran anu diseuneuan ti luhur ti handap, margi teu acan aya oven harita mah. Ngocok adonanana ku kawat spiral digagangan.

Ari kueh basah mah, bahan bakuna umumna tina tipung pare sareng gula kawung ditambih kalapa, uyah sareng panyeungit sanesna sapertos daun pandan, daun suji, atawa daun jeruk purut. Kueh basah mah biasana diangge marab ngopi nu digawe atanapi hirasan. Kueh basah jaman harita namina teh apem, papais, bongko, nagasari. Eta sadayana diasakananan diseupan. Ari nu digoreng mah cuhcur, burayot sareng kueh saroja. Ari kueh cara mah sareng surabi diasakan dina citakan surabi sabangsa sangrayan tapi alit. Biasana marab ngopi nu digawe teh ditambah ku kolek, boh kolek cau boh kolek hui………

“Mung sakitu nu tiasa kasangga’keun, tangtos seratan di luhur teu acan tuntas, nanging teu aya kalimah nu tiasa didugikeun salian ti du’a Jazaa kumullahu khairon katsiira. Wilujeng istirahat aki.. mudah-mudahan anjeun digolongkeun kana salah sawios ummat anu di pernahkeun ku Allah SWT dina sawarga. Insya Allah cita-cita anjeun pikeun ngiatan tali silaturrahmi diantawis kulawarga baris janten cita-cita sadaya kulawarga anu aya. Amien. ”

Catetan:
Seratan ieu teh khusus diserat kangge sadaya kulawarga besar Mama Ehen tawis buktos kanya’ah Bapak H. E. Suganda mangrupikeun seratan pamungkas nalika anjeuna jumeneng. Mudah-mudahan janten “ibrah” kangge urang sadaya. Amien.” Kangge kulawarga anu di luar negeri : "Mudah-mudahan seratan ieu teh tiasa janten pangjurung du'a urang sadaya" . Diserat kinten-kinten sababaraha sasih sateuacan pupus Juni 2002. Mudah-mudahan Allah SWT maparin maghfirah ka anjeuna. Seratan ieu kantos oge dimuat di Erryridwanlatief.com sareng di tibogor.multiply.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar